rangkuman



Hutbah reh hartina : Nu mawa ceramah  di hari jumaat , nu macana ustad

RANGKUMAN
Nyarita téh mangrupa kagiatan pikeun nebarkeun eusi pikiran,
gagasan pamaksudan, rasa, ku cara lisan atawa cara
nyarita ka nu lian. Ku
cara kitu dipiharep nu lian (nu diajak nyarita) atawa anu ngabandungan
bisa ngarti kana maksud jeung tujuan anu dilisankeun.
Pikeun méré pangajén kana kamampuh atawa kaparigelan nyarita,
nu kudu meunang panitén saeutikna ngawengku op
at unsur nya éta:
(a) lafal atawa ucapan
(kaasup vokal, konsonan jeung intonasi)
b.Tatabasa
(c) Kabeungharan kecap jeung
(d) Paséhat/lancarna cumarita (Amran
Halim, 1982).
Biantara atawa pidato nya éta nyarita di hareupeun balaréa.
Aya bédana antara nyarita dina paguneman jeung nyarita dina biantara. Ku
kituna aya sababaraha hal anu kudu ditengetkeun dina biantara, nya éta:
(1) kudu tenget kana pamapag pamiarsa kana pedaran urang; (2) udagan
utama nya éta sangkan pamiarsa ngarti kana maksud pedaran;
(3) kudu aya karep ngaluyukeun sarta fléksibel dina midangkeun pedaran: jeung
(4) kudu ngaheulakeun interest
(perhatian; pangresep) pamiarsa.
Bahan pembelajaran nyarita téh kudu mangrupa wacana guneman
(dialog), nu eusina kudu winangun kajian informasi anu diwadahan ku téma pembelajaran. Ari téma téh mangrupa dasar pedaran anu ngajiwaan sakumna aktivitas pangajaran. Maksudna taya lian sangkan situasi pangajaran téh karasa hegar (hirup)

Komentar

Postingan populer dari blog ini

PENGERTIAN DONGENG BAHASA SUNDA

bagian surat dalam sunda

cerita wayang